
Jujur
Slowhardrockmalerockerlirikbahasasunda
Verse 1 Aya peuting NU nyimpen kisah lamunan Aya Peuting nu nyimpen loba patalékan, Ku Rasa nu teu kungsi kaungkap. Urang jauh ku jarak jeung waktu, Tapi nu nyeri mah teu katingal ku Soca. Abdi teu nuntut anjeun sampurna, Tapi Abdi ngan ménta hiji hal, Kecap jujur tina jero hate. Chorus Jujur lamun masih nungguan, Sangkan diri kuat nahan godaan. Jujur lamun masih mere harepan Sangkan diri Aya Dina KA satiaan Jujur lamun geus hayang pisah, Ulah ngurung diri ku rasa amarah Jujur lamun geus aya pangganti, Tong nyumputkeun diri Dina Jero alesan Ulah dikurung ku kabohongan Sabab leuwih hadé nyeri ku beubeuneran, Tibatan bagja dina jero kapalsuan. Verse 2 Urang bisa pisah ku cara takdir, Tapi ulah ku carita kapalsuan. Lamun rasa KAasih masih keneh aya Hayu urang jaga ku kecap nu sarua. Tapi Lamun emang geus teu boga rasa, Kedalkeun, sanajan nyayat dada. Abdi bakal narima sakumaha'ayana, Bridge (pelan) Kajujuran kadang pait rasana, Tapi éta hiji-hijina jalan nu mulya. Sangkan urang teu silih nyieun luka, Ku pasini nu sabenerna geus teu aya. Jujur lamun masih nungguan… jujur lamun masih mere harepan... Jujur lamun geus hayang pisah... Jujur lamun geus aya pangganti… Sangkan hate Bisa narima ku kasadarana
